Selasa, 22 Oktober 2013

Dede Rifandi, Pupuhu Entragan 2013

Pupuhu Entragan 2013, Dede Rifandi nu Kapilih dina Acara LDKM 2013
dI Gedung Perpustakaan UPI Bandung, lt 4. (21/10)
 

Najan wanci geus nyorang janari, rohangan sidang teu milu kasimbutan ku tiisna hawa. Jalma-jalma nu maraké pakéan bodas hideung lengkep jeung atributna teu weléh nepikeun pamadegan-pamadegan jeung kamandang-kamandangna nepi ka karasa atmosfer éta rohangan jadi panas. Teu éléh ku fraksi, di jajaran korsi panitén katémbong lanceuk tingkat jeung alumni nu miboga raga katineung ka himpunan teu reureuh nepikeun pangdeudeul sarta kamandang-kamandangna.
Dipingpin ku presidium dua Deska Mahardika, éta sidang milih pupuhu entragan lumangsung kalayan lancar. Najan dina awal-awalna mah rada ngayayay jeung teu kondusif. Sanggeus ragot paadu pamadegan sarta teu waé manggih mufakat, éta sidang dituluykeun kana lobbying terbuka. Sidang nu nangtukeun Pupuhu Entragan 2013 ieu ahirna tepi ka dilaksanakeunana lobbying tertutup pédah teu waé manggih bongbolongan. Éta hal jadi ciri yén calon-calon entragan 2013 sarua hadéna. Ahirna, kalayan ngaliwatan lobbying tertutup éta Dede Rifandi disahkeun jadi Pupuhu Entragan 2013.
Sanggeus ngangkat sumpah jabatan Dede, acara dituluykeun kana pembagian kelompok anyar. Katémbong beungeut nalangsa ti para pamilon nu kudu papisah jeung pangaping sarta anggota kelompokna nu heubeul. Antukna méméh balik ninggalkeun rohangan sidang, sawaréh ti para pamilon ngamangpaatkeun éta waktu keur popotoan jeung pangaping sarta babaturan kelompokna nu heubeul. Maranéhna ngaliud silih rangkul méh paadu jeung Panata Calagara nu keur paciweuh mérésan rohangan urut sidang maranéhna.
Dede Rifandi nu harita geus sah jadi Pupuhu Entragan, nyebutkeun yén manéhna hayang ngaraketkeun deui tali mimitran entragan 2013. “Ayeuna mah can karaos jadi pupuhu téh, ngan (Dede: red) hoyong mageuhkeun tali duduluran. Éta hungkul.” Ceuk Dede ngajelaskeun.
Harepan ka Pupuhu Entragan anyar ditepikeun ku saurang anggota fraksi, Muhammad Kusaeri. Kusaeri miharep Dede kudu miboga wibawa jeung mampuh ngaronjatkeun sarta ngabungahkeun entraganna. “Miharep ka Pupuhu Entragan tong hayang terus-terusan baé dirojong tanpa aya parobahan. Justru kudu nyaring, éling, sarta bisa ngarojong dirina sangkan jadi puuhu nu sakuduna,” Ceuk ieu Mahasiswa, kalayan pertéla.
Ku réngséna Latihan Dasar Kepemimpinan Mahasiswa (LDKM) ieu, Penanggung Jawab kagiatan, Andri Tri Sulistyan nyebutkeun yén dirina ngarasa sugema ku éta hasil sidang. “Alhamdulillah jongjon ayeuna mah, najan aya hal-hal téknis nu kudu disanghareupan ku panitia, tapi urang embung nepi ka pamilon nyaho sarta ngarasa kaganggu ku éta masalah.” Ceuk manehna ka Humas Penstrada waktu mérésan rohangan urut sidang. [Humas Pensatrada]


Tatang Zaelani: Tamu "Istimewa" keur Si Bungsu

Pamatéri Latihan Dasar Kepemimpinan Mahasiswa (LDKM) Mitra Sunda 2013
keur m
éré matéri di Gedung Peprustakaan UPI (20/10)

Pamilon kagiatan Latihan Dasar Kepemimpinan Mahasiswa (LDKM), dibagéakeun ku rupa-rupa matéri ti para inohong Sunda. Saptu jeung Minggu (20-21/10). Kagiatan nu dilaksanakeun di gedung perpustakaan lantéy opat Universitas Pendidikan Indonesia (UPI) ieu ngadatangkeun Drs. H. Elin Syamsuri nu méré matéri ngeunaan Sunda jeung Kabudayaanna, Budi Rahayu Tamsyah nu méré matéri ngeunaan Kamekaran Media Massa jeung Nulis Opini, sarta matéri Kamekaran Sastra Sunda jeung Nulis Sastra, ti Sastrawan Sunda Hadi AKS.
Aresiasi hadé ditepikeun ku saurang pamilon, Dinny Octaviasari Rahayu. Dini nyebutkeun, boh matéri nu ditepikeun boh nu méré matérina matak nyugemakeun manéhna. “Pa Elin dina ngadugikeun matérina téh saé pisan, tiasa mangaruhan, retorikana téh saé pisan, matak nerap,” Ceuk ieu mahasiswa entragan 2013. Jaba matéri ti para inohong Sunda, pamilon ogé dibekelan matéri-matéri ngeunaan kapaminpinan, diantarana Dialektika Organisasi ku Diky Arliana, Problem Solving ti Arif Ali Abdillah, Kapamingpinan ti Iman Nurdin, sarta Téknik Persidangan nu ditepikeun ku Andi Sopandi.
Ningali aprésiasi hadé ti para pamilon LDKM, Pupuhu Calagara Mitra Sunda 2013 Tatang Zaélani Tirtawijaya teu bisa nyumputkeun deui rasa kabungahna. Numtukeun Tatang, ieu kagiatan LDKM téh disiapkeun salian ti keur kapamingpinan, ogé keur nambahan pangaweruh para pamilonna. “Urang embung méré matéri jeung pematéri nu biasa-biasa keur si bungsu (Entragan 2013: red).” Ceuk Tatang teges waktu diwawancara Humas Penstarda. Tatang ogé nepikeun panghampurana ka Pupuhu BEM sarta Panata Calagara lianna saupama éta kagiatan teu luyu jeung nu dipiharep, utamana ka Pupuhu BEM. “Najan usaha urang geus diketrukeun, hampura mun hasilna teu luyu jeung naon nu geus dikonsép.” Ceuk Tatang mungkas carita.

Kacatet, teu kurang ti 92 urang Mahasiswa Entragan 2013 miluan ieu acara. Sabenerna mah, ieu acara téh diiluan ku 93 urang pamilon, ngan pamilon nu ngaranna Firman Sidiq kabur nalika acara masih lumangsung sarta teu balik deui tepi ka bérésna kagiatan. Salian ti diiluan ku pamilon jeung Panata Calagara, acara nu mangrupa runtuyan tina kagiatan Mitra Sunda 2013 ieu diluuhan ogé ku para alumni jeung lanceuk tingkat nu miboga raga katineung ka himpunan. Malah dina prak-prakanana teu asa-asa lanceuk tingkat babagi pangalamanna ka pamilon LDKM. [Humas Pensatrada]

Sabtu, 27 Juli 2013

Hikmah Gema Romadon 2013


Himpunan Mahasiswa Pendidikan Basa Jeung Sastra Sunda (Hima Pensatrada) UPI geus ngalaksanakeun kagiatan Gema Romadon 2013 (26/7). Acara nu pas meneran jeung poé dipiéingna Nuzulal Quran ieu dilaksanakeun di Lab. Bahasa lt.4 Gedung Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni (FPBS) UPI Bandung.
Pupuhu Calagara, Éggy Aditiar nétélakeun yén kagiatan Gema Romadon téh mangrupa salah sahiji kagiatan insidental Sub. Bidang Karohanian. “Ieu acara téh mangrupa salah sahiji kagiatan insidental himpunan nu maneuh diayakeun tiap tahun” pokna. Égi ogé ngajelaskeun yén ieu kagiatan téh bisa jadi salah sahiji tempat pikeun ngaraketkeun tali silaturahmi papada warga himpunan disagédéngeun ngareuah-reuah Bulan Puasa.
Najan teu diluuhan ku réngréngan dosén jurusan, acara nu miboga tema “Amal ku haté wening, bukti jati diri mu’min sajati” ieu bisa disebut lancar. Sakumaha nu ditepikeun ku Suci Nurul Qoriah salaku ketua Sub. Bidang Karohanian, yén acara Gema Romadon taun ayeuna leuwih hadé deui tibatan taun kamari. Boh tina segi acarana, boh partisipasi pamilonna.
Réspon positif ogé katémbong ti para pamilonna. Maranéhna katémbong daria pisan dina miluan sakabéh runtuyan acara. Anapon runtuyan acarana nya éta tausiyah kaagamaan ti Ustad Gita, nongton film Kaislaman, pintonan seni religi, sarta dipungkas ku buka bareng warga himpunan.
Suci ogé miharep Gema Romadon taun satuluyna bisa leuwih hadé deui, utamana mah tina segi acara sarta pamilonna. Sabab acara Kaagamaan samodél kieu bisa dijadikeun sarana pikeun mengkukhkeun deui spiritual mahasiswa. [Humas Pensatrada].


Rabu, 24 Juli 2013